hmmmmm bingung,,,,
judul blog koma tappi isi carpon sunda,,,
ahhha,,,
mengisi kekosongan ue ahhh,,,
SANGKAAN
Kamar ge lain, maenya gede – gede teuing, mani asup opateun risbang galalede. Ari babaturan kabeh awewe, aya urang Parungkuda, aya urang Cicurug, aya oge urang Palabuan Ratu, resep ari malem Minggu, sering sarerea majang ka jalan raya, ngadon ulak – ilik maraban panonku rupa – rupa tetempoan.
Asalnamah teu meunangeun ngontrak di kota the, da cnah teu tega, pangawakan awewe jauh teuing indung bapak. Ongkoh kasieunan pisan, sieun ari balikteh kuring ngais budak nu taya bapaan. Barara’id teuing kudu kitu the.
“piraku da Neni ge gaduh Iman.” Tembal teh. “heug bae ari ludeung onaman.” Bungangang sanggeus diwidianmah, asalna duh mani keketegan sieun enya – enya ulahna teh. Tuda didugdag ti imah lain kasieunan bapa teu mere ongkos, eta da balik sakola the mani cape pisan. Boro aya waktu keur ngapalkeun, indit subuh datang magrib teh saenyana, dug weh sare. Malah sakapeungmah poho dahar poho mandi.
Indit ti imah teu rajeun rebun – rebun, di masjid ge raeng keneh ku anu wariridan. Komo Bah Isra mah sok nepi ka beurang pisan, sok remen ditungtungan ku solat duha. Mimiti naek mobilteh ti terminal Nagrak, mun pareng enggeus pinuh, babari nyelap – nyelap oge pokonamah asal kabawa weh, ulah kabeurangan sakola. Kumaha mun kaparengan telat, keurmah ti imah the rada beurang, jalan ge ngarasanan jalan galengan nu ngan ukur di balay ku batu laleutik. Bra ka jalan, leumpang heula sakeudeung, jog anjog ka terminal, oplet the molongpong keneh. Tah didinya batin, hirup jauh ti kolot the. Ukur nepika Cibadak. Turun deui ganti mobil nu ka Sukabumikeun.
Geus ngontrakmah laluasa, hayang indit weuyah kumaha ge. Puguh imah kontrakan the deukeut sakola. Nu boga imah, teuing ku bageur, etamah mani asa ka indung sorangan wae. Ongkoh deuih Enis putrana sakelas jeung kuring. Lanceukna Enis mah Kang Wawan geus kuliah di ITB, cenahmah geus tingkat tilu. Balikna oge saminggu sakali, kitu oge meureun lamun pareng. Ngan ari beh dieu – beh dieu, asa ku mindeng balikna teh, geus – geus koronyoh – geus – geus koronyoh, bangun teu betah kuliah.
Harita teh poe Minggu, poe nyeuseuhan ceuk barudak tea mah. Ari sorangan mah, nyeuseuhan teh sok poe Saptu balik sakola, sakola the kabeneran bagean isuk. Kari – kari ngalicinan, teu ripuh teuing. Kuring keur jongjon we ngalicin, jol – jol gek weh kang Wawan teh diuk dina korsi nu ti tadi geus nyampak. Lain keur diukaneun kang Wawan tadinamah eta korsi teh, eta keur nyimpen baju nang ngalicinan. “Nen !” poknateh bari neuteup anteb pisan. Ari kuring diteuteup asa ditaranjangan, sok era parasa. “Kaaaaah….!” Tembal the dipanjangkeun. “Adeueueueuhhh….” “Aya naon Kang Wan?” cek kuring bari angger we ngalicin. “salam nya!” pokna teh “Ti saha kang Wan?” kuring teu curiga. “Ti kang Wawan!” “Teu bohong kang Wan?” ceuk kuring heureuy “Jeung bohong sagala, serius ieu mah Nen!” “Sabaraha regang ?” “Sapuluh tangkal….” Tembalna bari seuri leutik. Celetot nyiwit tarik pisan. Gurubug, kuring ngagurubug, nyeri tuda. Untung licinan teu ngacleng ge, mangkaning licinan listrik mun ruksak teh sabarahaeun ngomeanana ge. “Puat we atuh sa-treukeun mah, pasihkeun ka urang….ditu kabogoh kang Wan tea.” “Geus ditolak pan Nen!” jawabna milu heureuy “Janten…. Kang Wan the…… duda nya!” “kapan…. Neni ge randa, randa bengsrat.” “Ta usah yah, ayeh mah blon pernah punya pacar.” Ceuk jebi, jebi ge jebi hayang seuri. “Keun bae atuh da moal pamali, duda meunangkeun parawan ge…!” “kahoyongna atuh!” “naon yeuh?” cek Dedeh mairan ti kamar cai nu teu jauh ti tempat ngistrika, da puguh cai ledeng. Najan bari diganggu ku kang Wawan ge teu burung beres ari dikeureuyeuh mah. Barudak mah kakara moe – moekeun, dina tambang nu ditalikeun kana tangkal jambu jeung hawa angin luhureun panto luar. ret ti ditu, tariik kadieu nganteng mereketengteng, kari sing sarampay, kayaning baju, erok jeung perjeroan. Saengges mereskeun nang ngalicin mah, goledag ngedeng, ngalempengkeun cangkeng, goledag deuih kang Wawan ge ngedeng gigireun kuring, siga salaki pamajikan pisan, teu era – era ku barudak. “Naon make era sagala” cenah tembal nateh mun pareng kuring ngahuleng ge. “Siga nya Deh!” ceuk kang Wawan bari numpangkeun suku na kana suku kuring. Dedeh kakara datang tas moekeun seuseuhanana. “Klop Romi and Yuliet.” Tembalna teh. “ siga Rama dan Sinta!” Ati mairan, angger we manehna mah mukaan majalah “salah kabeh!” ceuk Yeyet nu katelah si Bungsu, dumeh manehna mah panganyarna, jeung kakara kelas hiji deuih. “Siga kang Wawan jeung the Neni!” Sarerea seuri. “Atur – atur welah kumaha dinya!” ceuk kuring bari nungkupan sirah ku bantal.
Sakapeung mah sok rajeun silih jangjaruhkeun, silih sebutan. Kuring ka kang Wawan, Dedeh ka urang es-te-em, Ati mah ka batur sakelasna, “keun be ah sarua guru inpres ge asal saling pengertian we.” Ati jeung Dedeh mah sakola na di sakola guru.
Geus kaluar sakola mah geuning bet kari waasna, kari tapakna, ukur ngagurat dina galur panineungan. Kuring anteng jeung pagawean sorangan, meureun kang Wawan ge anteng kana kuliahna, hese rek panggih teh, ngan kuring kungsi nyuratan ka Bandung ka tempat kostna, ngan weleh taya waleran, kuring pareng ka Sukabumi, nyimpang ka tempat kuring ngontrak baheula, maksud the hayang panggih jeung ibu Mae, jeung bari hayang nyaho dongeng kang Wawan, keur kumaha ayeuna. Karak ge nepi ka biwir gang, loba jelema keur di garawe, nanggerkeun umbul – umbul. “Saha nu kariaan mang?” kuring nyelang nanya. “Ibu Mae!” “Ibu Mae?” kuring nyarita sorangan ngan teu tarik inggis kadengeeun ku nu sejen. “Ibu Mae bade nikahkeun neng!” ceuk nu keur neuteup umbul – umbul nu ayun – ayunan na tungtung congo awi nu mancrit. Teg weh sangkaan teh, pasti hajat kawinan kang Wawan da kang Wawan nu panggedena teh. Hemar – hemir rek nepungan ibu Mae teh, anggur balik leos balik deui, hayang nepungan heula tapi angger loba kaera loba kasieun, nepi ka poho teu amitan ka nu keur digarawe oge.
“Teu sanka kang Wawan!” ceuk hate nu angger noroweco, mun ieu terangeun ema atawa apa, pasti kana nyeungseurikeunana the, meureun, cenah teu ngawaro ka kolot the kitu karasana, mun narima panglamar jang Suhmid, putra Mang Haji Du’ad mah moal disebut jomlo meureun, keun be ah.
Geus ampir poho kana lalakon baheula ge, koronyoh aya surat ka imah, cenah keur kuring, pek diilikan, bener. Surat diserangkeun heula kana panon poe, sugan aya duitan. Wek disoekeun saeutik manjang. Eusinamah pendek.
Assalamualaikum
“Nen! Hapunten serat Neni teh teu kantos diwaleran, duh Nen riweuh pisan kang Wawan teh, margi nuju kuliah apan, poe ieu ge kang Wawan keur sibuk ngarebut gelar sarjana, du’akeun ku Neni kang Wawan sing lulus”
Nu honing
Kang Wawan
“Pek we kuma dinya, paling lulus ge senengna mah batur.” Kuring nyarita sorangan, surat mahdi asupkeun deui kana jero amplopna nu rikes, bongan mukana rusuh teuing. “Majar sibuk, sibuk kawin nya!” Lung surat dialungkeun teuing kana naon murag na ge. Cenah mun geus lulus rek ka imah kuring, kitu nu ditulis dina notabenena mah. Pantes na, kadieuna the bari ngagiringkeun kabogohna, nyonyana, nu geulis batur kuliahna, di hareupeun imah dituyun da make selop jangkung. Paur tijalikeuh da jalanna di jalan renjul. Pantesna jejereged pisan.
Kuring keur jongjon we nyeuseuhan di pancuran, jol si Ai adi kuring nyusulan, cenah aya tamu pameget kasep. “Kasep tea mah tuda pameget” tembal teh. “Leres da teh, kumisan deuih.” “Saha Ai?” “Duka atuh teteh we kaditu heula” jung kuring nangtung, puguh cipruk. Gura – giru asup jalan dapur. Belecet kapatengahan, ngadon noong heula kana liang konci, hayang nyidikeun ki semah. Geus puguh mah leos kuring disalin. Wegah tadina mah rek nepungan teh, asa arera, maksakeun we nguat – nguat sorangan, sanajan bari bareurat ge. “Sisinanteneun kersa rurumpihan ka geblugan!” ceuk kuring terus munjungan “Kapan jangji!” tembalna teh “Janji teh harus ditepati atuh.” “Sae!” kusiwel kang Wawan ngaluarkeun album foto, ku kuring dibukaan lalaunan, ditetek disidik – sidik. Nu aneh, nu alus, ku kuring ditanyakeun, kang Wawan nu ngajawabna, kawas murid jeung guru wae. “Ari foto waktos kang Wawan nikah mah taya nya!” ceuk kuring sanggeus lila paheneng – heneng. “Panganten?” tembalna sabari kerung.”Api – api wae!” “Demi teu acan!” “Ari sababaraha sasih kapengker?” ceuk kuring bari neuteup beungeut kang Wawan bisi aya perbedaan “Tah tingalian album ieu!” kang Wawan muka tas na deui. Nu mimiti katempo tulisan mangsi hejo “Semoga Bahagia dalam Menempuh Hidup Baru, Enis Kusminingsih dan Denda Permana” horeng enya nu kamari kariaan teh meureun salametan Enis, emh,,, naha poho – poho teuing? Naha ku goring sangka? Ari ret ka kang Wawan karah seuri imut, imut “kameunangan” kuring nu elehna. Gabrug kang Wawan dirangkul, sirah kuring nyangsaya dina dadana, halimun nu ngagulung minuhan dada, nyingray kasieuhkeun nu bungangangna hate. Meureun kuring tereh bebas moal aya nu nyebut parawan jomlo deui. Di dapur pak – pik – pek nu olah – olah, kuring pada ngagaronjak, nyarebutan “nyonya sarjana”, ari kuring baeud, baeud ge baeud atoh. ***
di sadur ti bapak WAN RUSWANDI (almarhum)
ku anakna
Susan Nur Aqidah